Wednesday, 15 November 2017

[CARITA PONDOK] Nu Teu Disangka


Ku : Asih Purwanti

Wanci haneut moyan, kuring jeung Tini, bébéné kuring keur ngarayakeun sataun jadian di salah sahiji kafé di kota kuring. Sakalian ngalamar manéhna jang batur hirup kuring salawasna. Reueus ari Tini geus narima lamaran kuring mah. Tinggal nepungan kolotna jang neruskeun jangjang asmara antara kuring jeung Tini nepi ka balé nyungcung.
Kuring jeung Tini téh geus aya sataunna kenal, tuluy hahadéan. Mimiti panggih mah basa kuring keur diuk ngalamun di alun-alun, keur mapalérkeun haté. Alatan kakarék dipegatkeun ku kabogoh kuring nu tiheula. Lamun keur peunggas haté mah karesepna téh ka tempat-tempat anu simpé. Mikireun pijodoeun nu can katempo kalangkang-kalangkangna acan. Katambah-tambah indung kuring mineng nananyakeun iraha kawin-iraha kawin waé. Bubuhan kuring budak hiji-hijina, jaba lalaki deuih. Mereun indung kuring téh geus hayangeun boga incu.
 Saha nu teu hayang ngabina rumah tangga. Sanajan umur geus tilupuluh, pagawéan geus boga, gajih gedé. Ari acan aya calonna mah rék kawin jeung saha? Harita keur neuleuman eusi pikiran téh torojol mojang geulis. Kulitna beresih, konéng umyang, matana semu sipit siga urang Koréa, potongan beungeutna mah siga mantan Miss. Koréa, Ha Ji Won. Buukna galing ombak banyuan, kawas ngagupayan nitah ngusapan. Manéhna tuluy diuk dina bangku gigireun kuring sabari masangkeun hédsét kana ceulina. Sirahna katempo unggut-unggutan, keur ngararasakeun musik meureunan. Kuring ngawani-wanikeun karep, ngenalkeun manéh ka mojang geulis éta. Si mojang tuluy ngaleupaskeun hédsét dina ceulina basa kuring ngasongkeun leungeun.
“Asép” cék kuring.
“Tini” témbal manéhna imut. Kempotna mapaésan pipina nu konéng, beuki nyari lamun geus seuri téh. Kuring tuluy ménta pin Bbna, ngarah leuwih deukeut jeung manéhna.
Saenggeus ti harita kuring jeung manéhna jadi raket BBMan, nepi ka manéhna daék jadi bébéné kuring. Sakapeung mah lamun kuring libur digawé sok diajak nongton ka bioskop atawa paparahuan ka situ gedé, paduduaan. Tapi mesing kuring geus sataun bobogohan, manéhna sok tara daékkeun mawa kuring ka imahna. Da manéhna mah di Tasik téh indekos. Aslina mah urang kidul. Alesanna teu daékkeun mawa kuring ka imahna téh cenah indungna galak. Teu sieun sabenerna mah kuring digalakkan rék ku indungna, ku bapana atawa ku kulawargana gé. Kuring mah geus biasa papanggih jeung jalma-jalma nu garalak. Kuring mah ngan saukur micinta manéhna, ka manéhna téh lain jang heuheureuyan, hayang serieus nepi ka laki rabi.
“Meureun Tini téh ngan saukur heureuy jeung manéh téh Sép. Atawa meureun si Tini téh geus dijodokeun ku kolotna!” cék Logi, dulur kuring. Basa kuring nyaritakeun ngeunaan Tini nu embungeun waé ngenalkeun kuring ka kolotna. Ngadéngé Logi ngomong kitu kadon ratug jajantung. Naha enya Tini kitu?
Basa kuring nanyakeun katugenah haté ka Tini, Tini kadon ceurik balilihan nangkeup kuring. Sangkan manéhna ngomong acan siap ngenalkeun kuring ka kolotna. Alesanna nu séjén mah lanceuk awéwéna acan kawin. Kuring cicing, enya ari kituna mah kaharti. Tapi angger wé asa panasaran kénéh ari acan patepung jeung kolotna téh. Kuring ngéléhan ku kapanasaranan ieu, da teu téga nempo beubeulahan haté ceurik lamun nananyakeun masalah éta deui téh. Saminggu tiharita, kuring henteu ngomongkeun deui kahayang haté panggih jeung kolotna Tini.
Sifat Tini anu henteu muka, ngabalukarkeun kuring ngimpi anu buyatak sababaraha kalina. Kuring ngimpi diudag-udag anjing sagedé gajah, nepi ka tipoporoséh asup ka sumur nu pinuh ku oray. Ahéngna oray-oray téh baroga suku jeung baroga jangjang. Ngimpi nu séjénna ogé teu éléh sieunna. Kuring keur aya di hiji leuweung nu cakueum, pinuh ku tatangkalan anu sagaredé beuteung munding, di hareupeun kuring ngajanteng mahluk siga buta anu siap-siap rék ngadahar kuring. Ieu sieun partanda goréng nu aya hubungana jeung Tini. Tapi, ku kuring gancang disieuhkeun.
Basa Tini diajakan nepungan kolot kuring, manéhna mani daréhdéh, indung jeung bapa kuring mani teu eureun-eureun muji ku kageulisan jeung kasopanan Tini. Kuring reugreug sakituna mah kolot kuring raresepeun ka Tini. Tinggal nu jadi kabingung, iraha kuring ditepungkeun ka kolotna Tini. Mani asa ku hayang gancang-gancang ka balé nyungcung jeung mojang geulis nu dipikacinta téh.
Kulantaran kuring geus hayang gura-giru laki rabi jeung manéhna jadi unggal papanggih jeung Tini téh, kuring teu weléh nananyakeun deui iraha kuring dikenalkeun ka kolotna. Tapi jawaban Tini, teu acan waktosna waé. Indung kuring ngarenghik nananyakeun waé iraha kuring kawin jeung Tini, cenah mah bobogohan waé mah moal aya tungtungna. Kolot kuring geus hayang gura-giru boga incu.
“Néng mah alim nikah sareng A nya?” cék kuring bendu.
“Hoyong pisan atuh A” témbal Tini.
“Naha atuh sok alim waé nepangkeun A ka sepuh Néng?” pok kuring, Tini ngan ukur tungkul bari nyusutan ciimatana nu murubut mapay pipina nu konéng. Ari geus kitu téh kuring teu wasa tatanya deui.
“Tuturkeun Sép! cék manéh Tini isukan rék mulang ka lemburna lin?” cék Logi, basa kuring nyarita ka manéhna. Kuring mikir, aya ku bener dulur téh. Naha atuh lain ti babaheula kuring mikir kadinya.
Isuk-isuk, basa kuring nganteurkeun Tini ka terminal. Ngahaja henteu langsung balik, kuring cicing saheulaanan, nempo Tini naék kana beus. Saenggeus Tini naék kana beus mah, kuring gancang tumpak motor nuturkeun beus nu rék maju.
Aya kana dua jamna beus téh dituturkeun. Ahirna beus nu ditumpakkan ku Tini téh eureun di hiji terminal, katempo sababaraha urang jelema kaasup Tini tarurun. Kuring nyumput heula dina tangkal caringin nu sagedé beuteung munding. Teu kaur lila, katempo Tini leumpang ka gang leutikkeun. Ngahaja motor dititipkeun heula ka tukang warung nasi. Kuring leumpang ka gang nuturkeun Tini nu leumpang panghareupna. Aya satengah jam an kuring nunutur Tini. Tapi acan aya tanda-tanda Tini rék eureun. Padahal geus ngaléwatan sasak, tangkal awi jeung pakuburan.
Teu kungsi lila, Tini eureun di hiji-hijina imah di éta patempatan. Hiji imah nu pangagréngna dikurilingan ku sawah jeung kebon. Tini asup ka hiji imah gedong éta. katempo wanoja tengah tuwuh lumpat moro Tini, nangkeup pageuh siga nu karék papanggih. Disusul ku dua awéwé, meureun lanceukna. Maranéhna arasup ka jarero.
“Badé kasaha Jang?” tanya ibu-ibu tengah tuwuh sabari mawa boboko.
“Ehm, henteu Bu, badé ka Tini Bu.” Tembal kuring geumpeur. Si Ibu kerung.
 “Tini mananya Jang?” Si Ibu nanya deui.
“Éta Bu, anu kalebetkeun bumi itu,” cek kuring sabari nunjukkeun imah gedong.
“Oh, budak bungsuna Pa Suparman, anu karék mulang? Ké ké ké ari Ujang sahana?”
“Abdi tunanganna Bu,” cék kuring deui. Si Ibu katempo siga nu reuwas.
“Jang, émang Ujang henteu terang kitu?” pok si Ibu sabari ngaharéwos. Ayeuna kuring nu malik héran. Si Ibu luak-lieuk sieun aya nu ngadéngékeun. Kuring ngadeukeutkeun ceuli kana biwir si Ibu. “Bungsuna Pa Suparman téh....” kuring ngarandeg, reuwas. Si Ibu nu mawa boboko leumpang semu rada lumpat. Kuring nutup beungeut.
“Assalamualaikum,” kuring uluk salam.
“Waalaikumsalam,” sora wanoja ngajawab salam kuring. Byar, panto muka. “A Asép?” wanoja éta katempo bangun reuwaseun.
“Tin, tiasa Aa kalebet?” pok kuring sabari asup ka jero imah, teu nungguan dititah asup ku manéhna. Tini katempo siga nu sieun.
“Aa tos terang sadayana, ngeunaan anjeun,” pok kuring tatag. Teu hayang nempo beungeutna. Kadéngé Tini ceurik ngabangingik, jurus andelanana. Rék téga ayeuna mah, kuring nu kuduna ceurik mah lain manéhna. Haté kuring nyeri, alatan kaseuit ku hinis. Dibohongan nepi ka kieuna. Kuring ngawani-wani karep nepungan manéhna téh hayang ngadéngé langsung tina biwirna yén manéhna sabenerna téh lalaki. Manéhna ngoprasi beungeut jeung kalangsarina (basa sundana kelamin) ka Koréa. Bapana nepi ka maotna nempo budak lalaki hiji-hijina robah jadi awéwé.
Harita kénéh kuring megatkeun hubungan tali asih jeung manéhna. Tini ngan saukur ceurik ngabangingik, sabari nyekelan leungeun kuring pageuh. Kuring teu bisa narima yén beubeulahan haté téh urut lalaki.
Kuring ngaleupaskeun leungeun Tini. Balik, ninggalkeun Tini atawa Tono, teuing saha ngaran anu sabenerna mah. Tini, beubeulahan haté nu satadina rék dijadikeun indung keur budak-budak kuring jaga. Nu satadina rék dijadikeun batur hirup salawasna dunya ahérat. Teu nyangka nepi ka kieuna.
Kadéngé sora indung kuring nu saban poé ngarenghik waé dina ceuli.
“Sép, Ema téh hayang gura-giru boga incu..”


Tasikmalaya, 26 April 2017

Penulis biasa nyerat carpon, dongéng, anékdot. Sabagéan karyana kantos midang di majalah manglé.













1 komentar:

Write komentar
Anonymous
AUTHOR
6 December 2020 at 23:14 delete

Mangrupikeun kaistiméwaan pikeun ngabagi kasaksian anu ajaib ieu ka dunya. Abdi Bet Walters ti Inggris. Salaki kuring cerai kuring 4 bulan deui sareng kuring parantos dieusian ku kasieun sabab kuring henteu terang naon anu kedah dilakukeun pikeun ngarobih masalah sareng salaki kuring. Kuring milarian bantosan dina internét ngeunaan kumaha kuring tiasa kéngingkeun bantosan dina perkawinan kuring sareng kuring mendakan panyaksian anu hébat ngeunaan Jinis CINTA KAYA anu parantos progresif sareng mantra na. Kuring ngagaduhan hubungan sareng anjeunna sareng tingali, Dr.Wealthy ngawartosan yén anjeunna bakal nyiapkeun mantra pikeun kuring anu bakal nyandak deui salaki kuring. Kuring skeptis tapi kuring henteu ngagaduhan pilihan sanés tapi damel sareng anjeunna. 2 dinten sanggeusna, salaki kuring nelepon ka kuring yén anjeunna bakal balik ka bumi sareng ti dinten éta dugi ka ayeuna ieu, kami parantos hirup tengtrem. Anjeunna balik deui ayeuna ku seueur asih sareng paduli. dinten ieu kuring resep masihan anjeun sadayana terang yén mantra mantra ieu ngagaduhan kakawasaan pikeun ngahijikeun deui pameget sareng hal anu paling matak nyaéta cinta urang kuat pisan ayeuna, unggal dinten kabagjaan sareng kabagjaan. sareng Teu aya anu mirip sareng lalaki anu anjeun resep. Kuring bakal nyarankeun Dr.Wealthy pisan ka saha waé di luar anu peryogi bantosan naon waé. Upami anjeun ngagaduhan masalah hubungi Dr.Wealthy, kuring masihan anjeun jaminan 100% yén anjeunna bakal ngabantosan anjeun !!.

wealthylovespell@gmail.com

Tulis anjeunna dina Whats-app +2348105150446

Blog: https://wealthylovespell.blogspot.com

Reply
avatar