Ku
: Asih Purwanti
Sabenerna
soré kénéh gé kuring rék langsung mulang, lamun teu inget kana paménta si Asép,
budak kuring nu kakara nincak kelas tilu SD. Budak téh hayang patlot gambar. Ceunah babaturan sakelasna mah geus
pada baroga, iwal ti manéhna hungkul. Kamari mah make ngarenghik sagala, éra cenah unggal pelajaran ngagambar
ngan nginjeum waé ka batur.
Duit
beubeunangan ladang ngabéca ti isuk-isuk nepi ka magrib ngan meunang tilupuluh
rébu. Sababaraha kali
diitung ogé, angger tilupuluh rébu. Mahi jang meuli kabutuhan dapur hungkul, ari
duit jang meuli patlot gambar mah bororaah. Matak maksakeun mangkal kénéh enya ogé geus
reupreupan.
Tiiseun
waé ayeuna mah ngabéca téh.
Atuh da
jaman ayeuna mah loba
anu barogaeun motor. Béca téh geus jadi barang langka. Iwal ti
nini-nini jeung aki-aki nu barutuheun kénéh tumpak béca téh. Barudak ngora mah bebelenyengan
tarumpak motor atawa mobil.
Sabada
magrib, babaturan papada tukang béca mah geus baralik ka imahna séwang-séwangan. Ari kuring, rék balik téh asa-asa. Karunya ka budak.
Kudu meunang dua puluh rébu deui mah keur meuli patlot gambar. Pasti atoheun
lamun isuk méméh indit sakola téh nyimpang heula ka warung ngadon milih patlot
gambar.
Hujan masih ngaririncik.
Sugan wé aya panumpang saurang deui mah. Ari euweuh batur mah langsung kabagéan
narik. Ngaréngkol di jero béca téh bari nungguan panumpang. Jalan anu ngembat ka kidulkeun mani simpé. Tatangkalan
rajeg siga anu katirisan. Lampu jalan saukur reyem-reyem. Sakapeung mah
muriding ningali tangkal jangkung anu ngabelegbeg. Tapi sok gancang disieuhkeun
pikiran goréng téh. Ah, sakadar poék. Anu nyingsieunan mah pikiran sorangan.
Ti tadi asa
euweuh kandaraan nu ngaraliwat.
Sasarina
mah tukang
bajigur, tukang putu jeung tukang mi ték-ték nu biasa saméméh magrib geus
tétéléktékkan, kiwari mah teu katempo irung-irungna acan. Naha kamarana atuh
jelema téh?
Abong-abong malem jumaah bari keur hujan ngaririncik mani areuweuh jelema pisan.
Hawar-hawar
kadéngé adan isa ngalanglaung ti masjid pangjuruna di beulah kulon. Pantes wé
rejeki téh seuseut, da kuringna teu deukeut ka Anjeunna. Salat tara ngadu’a jarang. Hmm… hapunten Gusti.
Aya éta ogé pikiran rék
balik waé. Tapi bet karunya ka si Asép. Beuh lamun teu meunang duit téh sok sieun ambek. Bapa mah jangji-jangji waé unggal
poé, kitu meureun budak téh ngambekna. Kumaha lamun terus mugen
sakola deuih.
Hujan
ngaririncik kalahkah
beuki kerep, hawa
kalahkah beuki tiris, kuring ngarubunan awak maké sarung beunang mekel ti imah. Untung dina pésak aya kénéh
roko sabatang, meunang majeg
tadi beurang ti
si Mamat, sobat kuring tukang
mi ayam. Celetrék panékér dihurungkeun, roko dideukeutkeun, nyot, roko
dikenyot. Serebung-serebung haseupna mumbul ka luhur. Lumayan, batur tiris jeung keueung.
“Mang,
tiasa ngajajapkeun abdi ka palih kidul?” sora awéwé nuar lamunan kuring.
Kuring rikat kaluar
tina jero béca. Awéwé geulis
kira umur dua puluh taunan, ngajanteng bari imut. Bajuna pulas
bulao semet tuur, dompét bodas dikékélék, buukna galing muntang panjang. Hideng panon téh turun kana sukuna,
maké sapatu jangkung. Napak
geuning, gerentes téh
bari seuri.
“Mangga
Néng, sok lebet!” cék kuring gumbira. Lumayanlah limabelas rébu ti dieu ka dinya mah. Peuting kieu mah boa ditambahan. Lamun
jauh mah meureun kana dua limaan. Aya meureun keur meuli patlot gambar mah.
Awéwé
téh gék diuk. Kuring ngaboséh ka beulah kidul. Ngahaja dilaunkeun ngabosehna ngarah karasa jauh. Lebah kidul téh aya lembur enya ogé acan pati ramé.
Lembur Bonti, kitu ngaranna. Meureun pedah éta kampung téh rada
jauh ka kampung séjenna. Ti tempat mangkal béca mah henteu pati jauh. Ngan
keueungna téh ngaliwatan pakebonan jeung walungan Cihurip.
“Tos
mulih timana Néng?” tanya
kuring ngarah teu pati keueung.
“Abdi
wangsul ti uleman,
Mang,”
jawabna
alon. Kuring teu tatanya deui da bisi teu genaheun.
“Mani untung aya kénéh
Emang. Keueung lebah dieu téh upami kedah mapah mah,” cenah deui ngajalanan
pikeun ngobrol. Meureun enya, ngarah henteu pati keueung. Boa manéhna ogé rada
aya curiga ka kuring. Enya kitu ieu téh tukang béca? Lain tukang béca jurig?
Kuring seuri inget ka dinya mah. Enya, sakapeung mah apan jelema mah sok silih
tuding.
“Ah, make keueung, Néng.
Enya ogé pakebonan, apan henteu tebih. Sareng apan aya lampu jalan.”
“Keueung téh apan sok aya
anu ngabangingik ceurik, Mang. Naha teu acan terang kitu dongéngna? Emang mah
enggal nya di dieu?”
“Disebat enggal mah henteu,
da tos aya kana sataunna.”
“Tapi apan nembéan narik
wengi?”
“Enya, éta ogé kapaksa,
Néng.”
Jep jempé sababaraha
jongjongan. Béca ngageuleuyeung tarik da jalan téh datar. Anggeus pakebonan anu
rada sok cape mah, da puguh rada mudun nepi ka jambatan. Tah ti jambatan terus
nanjak. Ka dituna mah aya imah-imah enya ogé ancal-ancalan.
“Baheula
di lebah dieu aya
awewe nu diperkosa,
dirogahala harga dirina ku sababaraha urang lalaki, tuluy ditandasa,” ceuk éta awéwé deui. “Layonna
dipiceun ka susukan Cihurip. Kajadianana peuting keur hujan ngaririncik,
percis siga kieu. Ceunah deui, lamun tengah peuting sok kadéngé aya nu ceurik
ngageunggeuik jeung loba nu manggihan jurig awéwé éta.”
“Ah, éta
mah apan cenah, Néng. Can tangtu
berita éta téh bener. Salila ngabeca di dieu, acan kungsi Emang ngadéngé babaturan nyarita
manggihan nu kararitu. Tapi ari ngabéca mah sok tara nepi ka peuting kawas kieu
kétang. Malah mah
beurang gé geus baralik.
Karék
ayeuna hungkul Emang maksakeun
ngabéca.
Barina gé amit-amit ah, ulah nepi ka manggih nu siga kararitu, Néng,” ceuk kuring bari ngalungkeun
kuntung
roko.
Béca téh diboséh rada tarik,
ngarah engké pas nanjak henteu cape teuing. Tapi anéhna téh asa beurat. Béca
téh kalah ngendoran. Malah tungtungna mah reg eureun lebah jambatan. Acan
kumpul pangacian téh bakat ku reuwas, hawar-hawar kadéngé anu ceurik ngabangingik. Kuring turun tina
sadel béca.
“Néng,
nguping anu nangis teu?” pok
téh bari haté mah henteu garareunah. Késang tiis nyurudcud
tina tarang, bulu punduk nararangtung.
“Di tempat ieu layon téh
dipiceunna,” ceuk awéwé di jero béca téh. “Matak geuning étah mani
ngageunggeuik kanyenyerian”.
Kuring
pias, ngadak-ngadak teu bisa cumarita, asa dielém biwir téh, suku jeung awak
teu bisa digerakkeun, asa aya nu nyekel satarikna.
“Teungteuingeun ari anu
dolim nya, Mang. Bet kaniaya. Emang masih henteu percaya?”
Tangtu waé kuring henteu
némbalan. Bulu punduk beuki carengkat. Anu ceurik téh beuki harus. Sada di
handapeun jambatan. Tapi lila-lila sada di jero béca.
“Ieu téh jambatan Sarihurip
téa, Mang. Emang terang saha anu dirogahala téh?”
Kuring masih ngabetem. Haté
mah geus ngabelenyeng lumpat. Tapi suku, naha siga anu napel. Saukur ngadégdég,
nyorodcod.
“Apan abdi anu dirogahala
téh Mang,” ceuk ti jero béca bari nyingkabkeun tutup béca, terus turun.
Awéwé
anu tadi geulis téh bet jadi sepa, tina panonna jeung rambutna, ngucur getih.
“As..tag..firu..llohal
adzim…,” pok téh istigfar sababaraha balikan. Geus
maca istigfar mah awak téh bisa digerakeun deui. Kuring lumpat sakalumpat-lampét. Nepi ka imah téh nubruk panto. Terusna mah henteu
inget nanaon.
Tasikmalaya,
16 November 2016
2 komentar
Write komentarAri ayeuna kamarana jurig teh ? da basa kuring keur budak asa loba jurig
ReplyAyeuna mah jurigna tos pangsiun nyingsieunan.
Reply