Ku
: Asih Purwanti
Kukupu konéng hiber ka tengah imah,
ngurilingan aya sabaraha lilana. Kuring anu keur seurieus ngetik dina laptop ngarasa
kaganggu ku aya kukupu éta. Kuring gancang mawa sapu nyéré jang ngagebah si
kukupu. Tapi kukupu konéng éta kadon hiber ka dapur, teu kungsi lila kaluar
tina jandéla dapur anu muka.
“Assalamualaikum” teu kaur lila, sora
lalaki kadéngé ti buruan imah.
“Waalaikumsalam” bales kuring sabari
mukakeun panto.
“Logi!” pok kuring atoh, sabari
nangkeup si tamu pageuh.
“Panteusan wé euy kukupu konéng
hiber titadi, ari pék téh aya tamu agung datang” cék kuring deui sabari nitah
diuk ka si tamu anu singhoréng téh sobat kuring keur SMA.
“Kumaha cageur Sép? Kamana waé atuh
lamun réuni téh sok tara miluan waé, balaga ari geus jadi penulis terkenal mah
euy, sibuk waé” cék Logi, kuring ngan saukur seuri konéng. Anu sabenerna mah alesan
utama kuring tara datang tiap aya réuni SMA téh kulantaran éra, da pagawéan
kuring béda jeung batur, sapopoé ngan ngagugulung karangan, bari jeung hasilna
henteu tangtu. Da kana naon deui atuh pangabisa salian tinu kurung karang mah.
Teu jiga babaturan anu geus jadi jelema. Kawas Logi ayeuna jadi bandar domba,
Yuyus jadi pagawé negri, opik jadi pagawé bank, jénal jadi pangusaha travel.
“Naha apal timana Gi, alamat imah
urang nu anyar?” cék kuring bari ngasongkeun cai entéh ka manéhna.
“Apan silaing téh geus jadi penulis
buku ayeuna mah lin, buku-bukuna gé bést séller jaba. Enya apal tina naon deui
atuh Sép, dina biodata penulis aya alamat silaing atuh” cék Logi. Kuring ngan
saukur seuri jeung seuri. Kuring jeung Logi uplek ngobrolkeun jaman SMA.
Sakapeung mah ngabarakatak seuseurian, nyeungseurikeun kalakuan jaman sakola
baheula.
“Sép, manéh inget kénéh ka si Ranti
babaturan sakelas?” tanya Logi ujug-ujug, kuring mikir sajongjongan api-api néangan
mémori ngeunaan ngaran Ranti padahal mah kuring apal yén Ranti éta anu dimaksud
ku Logi.
“Ranti anu cicingeun lain?” cék kuring.
Logi unggeuk.
“Karunya ayeuna mah Sép, Ranti téh
siga anu kaganggu jiwana nepi ka dipasung sagala. Basa reuni kamari urang jeung
barudak sakelas ngaralongok ka imahna” pok Logi deui sabari manéhna semu
dareuda.
“Naha kumaha caritana bisa kitu Gi?”
tanya kuring deui. Logi gideug.
“Euweuh
nu arapaleun Sép, cék indungna mah Ranti kituna téh saeunggeus lulus sakola. Meureun
gara-gara ditinggalkeun ku manéh Sép, jadi wé kitu hahaha” pok Logi deui sabari
seuri. Kuring ngarenjat reuwas, inget jaman sakola kuring pernah deukeut jeung
Ranti.
Basa
jaman sakola mah kuring katelahna Don Juan si playboy cap jempol téa. Baheula
mah bangga wé disebut playboy ogé, asa meunang penghargaan wé. Enya atuh saluyu
jeung panampilan kuring anu pangkasépna di sakola. Awak jangkung, pakulitan
bodas siga bulé da kuring mah nyaan-nyaan belésteran Sunda-Walanda téh da aki kuring
urang Walanda asli. Lamun disidik-sidik mah beungeut kuring téh teu jauh beda jeung
aktor Adipati Dolken mah. Ngan hanjakalna nasibna nu matak ngabédakeun téh, mesing
kuring belésteran ogé anggeur hirup mah basajan da lain budak beunghar.
Mimitina
mah hésé ngadeukeutan Ranti téh kusabab manéhna rada cuék jelemana. Teu cara
Érni, Nia, Fébi, Susan jeung loba deui awéwé nu kungsi dideukeutan ku kuring
babari ditaklukkeunna. Ranti mah béda, hésé ditaklukkeun. Tapi émang dasarna
kuring mah anti ditolak ku awéwé jadi nepi kamana waé ogé ku kuring diudag. Kuring
néangan karesepna anu saenyana resep kana puisi. Kuring nyieunan puisi anu jadi
dahareun kuring sapopoé. Anu tungtungna manéhna jadi deukeut jeung kuring, tuluy
daékkeun jadi bébéné kuring. Tapi saenggeus lulus SMA mah kuring putus jeung
manéhna. Terahir papanggih jeung manéhna téh basa keur perpisahan sakola, tuluy
les wé acan papanggih deui nepi ka kiwari da tiheula teh kuring neruskeun
kuliah ka Yogya. Kuring kapikiran omongan Logi, enya kitu si Ranti jadi kurang
saeundan gara-gara kuring? gerentes haté.
Teu kungsi lila Logi amitan rék balik,
saenggeus ku kuring di pénta pin bb nu manéhna jeung nu babaturan séjén
sakalian jeung alamat imahna Ranti. Sugan isuk pagéto kuring ngalongok Ranti.
“Geura kawin manéh téh Sép, mani
embung pangsiun tina predikat playboy cap jempol téh. Kaéléhkeun ku kuring
yeuh, budak geus rék dua deui!” pok Logi sabari neunggeul leungeun kuring laun.
Kuring ngan saukur seuri.
Dua poé tiharita, kuring ngahaja
néangan imah Ranti, panasaran yén bener henteuna anu dicaritakeun ku Logi téa.
Jalanan ka imah Ranti nanjak, sapaparat jalan dipinuhan ku tatangkalan, pasawahan
jeung pakebonan mesing ancal-ancalan gé, endah wé. Motor rada dilaunkeun da
sabari nempo pamandangan lembur anu seger kénéh.
Kuring eureun di hiji imah leutik,
warna imahna geus teu mangrupa. “Punten” sada kuring rada tarik. Kaciri tina jandéla
wanoja tengah tuwuh lulumpatan moro panto, meureun indungna. “Mangga” walerna
sabari mukakeun panto. “Dupi ieu bumina Ranti?” tanya kuring, si ibu éta semu
rada sieun. “Muhun, dupi Ujang sahanya?” tanya si ibu rada curiga. “Abdi Asép,
réréncangan Ranti basa SMA” waler kuring, kuring dititah asup ka jero imah, si
ibu tengah tuwuh éta nitah kuring nuturkeun manéhna nepi ka tukang. Di hiji rohangan
anu poék, katempo hiji awéwé nu teu mangrupa panampilanana. Beungeutna
katutupan ku buuk anu panjang tur rada gimbal, siga nu teu manggih sampo. Dasterna
kuleuheu, leungeunna duanana ditalian, sukuna ditindihan ku kai anu aya rantéan.
“Ranti” cék kuring semu dareuda.
Ranti tanggah ngadéngé sora kuring. Beungeut Ranti anu baheula geulis kacida
nepi ka kuring ngungudag manéhna, kiwari mah teu kaciri sari-sari kageulisanana
acan iwal ti halisna hungkul lir sireum hideung ngabaris anu angger matak
kuring baheula kataji. Awakna begung, matana cekung siga nahan kanyeri anu teu
wasa dikedalkeun. Kuring ngadeukeutan manéhna. Dina jero panon Ranti katempo
aya nu ngeuyeumbeung basa paamprok panon jeung kuring. Kuring teu nyadar
cimataan.
“Kunaon Ranti beut ditalian siga
kieu Bu?” cék kuring semu ambek ka indungna.
“Kapaksa Sép, kumargi Rantina sieun
kabur, kantos basa sasih kamari gé Ranti kabur aya ka dua dintenna, untung
kaburna ka tilas sakola SMAna janten kapendakkeun ku guru-guru SMA anu uninga
kénéh ka anjeunna. Saleresna Ema gé henteu téga Sép, tapi da kedah kumaha deui”
waler indungna dareuda.
“Ayeuna mah ulah ditalian siga kieu
deui Bu” pok kuring sabari ngaleupaskeun tali jeung alat pasung éta. Katempo
dina biwir Ranti anu bareulah alatan gararing aya seuri saulas, sabari panonna
nu cureuleuk teu weléh leupas ti kuring. Ku kuring Ranti didiukkeun dina korsi
panjang, kuring nyokot cai dina batok nu tuluy diinumkeun ka Ranti. Ranti
nginum ngagelekgek, kadéngé sora ‘ah’ na bangun nu ni’mat, siga nu kakara
manggih cai. Indungna semu héraneun nempo Ranti lindeuk ka kuring.
“Biasana mah ku Ema dipasihan cai gé
kadon dialungkeun, ieu ku Asép geuning kersaeun” pok indungna, kuring henteu
ngawaler ngan saukur bisa nyusut cimata anu teu weléh murubut kana pipi. Enya kuring
ngaku, Ranti téh matak kieu gara-gara kuring. Hiji rusiah anu euweuh nu
arapaleun, anging Gusti Alloh anu uninga. Kuring peureum sajongjongan muka
mémori tujuh taun ka tukang, basa kuring jeung Ranti patali asih keur SMA.
Kuring jeung Ranti bobogohan nepi ka ngalakukeun anu dilarang ku agama. Nepi
Ranti kareuneuhna, kuring tiheula bingung jaba sabulan deui rék nyanghareupan
ujian nasional. Kapaksa kuring nitah Ranti ngagugurkeun éta jabang orok anu
dikandung ku manéhna. Asalna mah Ranti teu satuju tapi kuring ngancam manéhna,
lamun manéhna teu daék ngagugurkeun kuring moal daék ngawin manéhna. Enya Ranti
daékkeun ari diancam kitu mah nepi ka bérésna ujian jeung kelulusan. Euweuh
sahijieun babaturan, guru jeung kolot kuring anu arapaleun laku kuring ka
manéhna. Basa kolot kuring nitah kuliah ka Yogya, kuring daék tapi kuring
ngahaja teu ngabéjaan Ranti. Harita pas perpisahan sakola, kuring kadon mutuskeun
manéhna alesanna mah kuring boga deui kabogoh.
Harita Ranti ceurik balilihan sabari nyenyekel leungeun kuring pageuh
jeung méménta kuring sina ulah mutuskeun manéhna. Tapi dasar haté kuring geus
poék, teu inget kana jangji anu dikedalkeun ka manéhna tiheula. Harita kuring
ngepiskeun leungeunna nepi ka manéhna tijengkang ka tukang.
“Aa
téga ninggalkeun abdi dugi ka kieuna?” cék Ranti sabari murubut cimata.
“Aa
gaduh hak milih, ayeuna mah ulah ngaganggu A deui!” pok kuring sabari
ninggalkeun Ranti anu kanyenyerian. Kuring nutup beungeut, asa éra ku kalakuan
sorangan, teu tanggung jawab geuning kuring téh.
Kuring sungkem ménta dihampura ka
indungna Ranti sabari ngedalkeun musabab budak awéwé hiji-hijina nepi ka kieuna
gara-gara kuring ninggalkeun manéhna. Kuring jangji rék ngajadikeun Ranti pamajikan
kuring, rék nebus kasalahan kuring nu tiheula. Indungna Ranti nyusutan cisocana
anu paribut murubut kana pipina nu karijut. Rét ka Ranti anu nyekelan leungeun
kuring pageuh, sieun kuring ninggalkeun manéhna deui. Teu, moal-moal deui
kuring ninggalkeun anjeun Ranti.
Tasikmalaya,
8 Februari 2017
1 komentar:
Write komentarHow to play Baccarat - WORRIione
ReplyWhen betting on a favorite, you're betting the game of the game, Spam Detected! Link aktif otomatis terhapus!!! so long Spam Detected! Link aktif otomatis terhapus!!! as you win the bet, it's the same. In a casino, you'll often Spam Detected! Link aktif otomatis terhapus!!! find baccarat odds available