Tuesday, 27 December 2016

cerpen berbahasa sunda yang dimuat di majalah Mangle


Carpon simkuring anu midang dina majalah mangle edisi nomer 2606 kaping 8-14 Desember 2016.


Nu Tumpur di Kuala Lumpur
Ku : Asih Purwanti

            Pukul salapan peuting kuring karék nepi ka Bandara Soékarno Hatta. Mangtaun-taun kuring nineung kana suasana lemah cai, boh hawana, boh seungitna, khas Indonesia pisan anu dipikacinta. Supir taksi paboro-boro ngolo panumpang nu karék kaluar ti bandara sina maké jasa taksi maranéhanana. Kuring moal maké taksi, ngarah ngahémat, da jang ukuran kuring mah maké taksi téh kaasup mewah. Mending leumpang saeutik, geus nepungan beus.
Kuring geus sapuluh taun teu mulang ka lembur, nyiar élmu tur néang karaharjaan di nagari tatangga, Malaysia. Ninggalkeun Ema jeung adi-adi anu keur meumeujeuhna kudu ditalingakeun. Da basa kuring ka Malaysia téh, Apa tos ngantunkeun, kuring kapaksa jadi pananggeuhan kulawarga, da kuring budak panggedéna jaba lalaki.
Anu tujuanna ninggalkeun lemah cai rék nyiar élmu téh, atuh sabari digawé, da timana waragad hirup Ema jeung sakola adi-adi, lian ti nu jadi budak lalaki panggedéna. Kuring sakola di paguron luhur nagari di Kuala Lumpur salila sapuluh taun. Kaasup panglilana nu kuliah teu lulus-lulus. Babaturan saangkatan mah geus meunang gelar sarjana ti baréto gé, malah aya anu geus S2. Ari kuring, mimindengna mah kalah digawé lain kuliah, da miheulakeun néangan waragad hirup jang tilu widadari di lembur.
**
Dina beus Damri, ras ingetan téh ngadon ka Siti Nurul, mojang Melayu anu salila di Kuala Lumpur jadi panglipur jiwa, gaganti kanyaah dulur di lembur. Saméméh panggih jeung Siti Nurul mah hirup kuring asa salawasna nyorangan, taya geusan badami, taya geusan pakumaha. Mesing loba babaturan sarua urang Indonesia gé, angger wé henteu bisa silihbantu laluasa, sarua baroga kasusah séwang-séwangan.
Mimiti panggih jeung mojang Melayu anu kempotna mapaésan pipi nu konéng lemes, basa kuring meunang debat di salah sahiji acara di kampus, manéhna kabeneran jadi moderator. Teu lila kuring jeung manéhna sosobatan nu ahirna patali asih. Siti Nurul ogé anu ngasupkeun kuring digawé di restoran bapana. Sakapeung sok cangcaya, naha mojang anu sakitu geulisna, pinterna jeung beungharna beut daék ka lalaki siga kuring, asa anjing ngagogogan kalong, samar kahontal, ngajul béntang ku asiwung. Tapi ieu tah anu ngaranna cinta téh meureunan.
Jandéla beus ku kuring saeutik dibuka, angin peuting ngahiuk kana punduk, tiis. Ieu haté sarua tiisna. Saméméh kuring micinta Siti Nurul, sakuduna kuring nyadar diri, yén Siti Nurul timana, kuring timana. Sabenerna mah Siti Nurul daékkeun dibawa ka Indonesia, tapi bapana, nyebut moal ngaku anak deui lamun budak awéwéna cicing di nagari kuring. Saratna lamun kuring rék laki rabi jeung budakna, kuring kudu pindah warga negara jadi warga negara manéhanana. Tagiwur, kuring micinta nepi ka nyawa pegat ka Siti Nurul, tapi kuring gé micinta kulawarga kuring di lembur, komo deui ka lemah cai Indonesia anu beuki karasa reueusna. Asa dahar buah simalakama. Naha atuh cinta téh teu merenah teuing, lain ka nu babad, lain ka nu tanding.
“Tring!” Hapé disada, ngabuyarkeun kabéh lamunan ka mojang nu panonna kikiceupan lamun keur ngomong, bulu matana tingcarilak kawas kukupu, buukna nu galing siga ombak banyuan ririaban. Duh, asa ku nineung. Kuring ngodok hapé dina pésak calana tur maca eusina, blackberry messanger ti Rumana, adi kuring nu kadua. Nanyakeun, masih dimana kénéh. Gancang ku kuring dibales, bisi nu di imah hariwangeun.
            Alhamdulilah, adi anu kahiji, Annisa geus digawé jadi perawat di salah sahiji Rumah Sakit di lembur. Anu kadua, Rumana, karék lulus kuliah kaguruan. Jadi kabutuhan sapopoé kabantuan ku adi kuring nu geus digawé. Rada reugreug haté téh ari kituna mah.
Panglipur kuring basa keur di pangumbaraan, jang ngubaran haté anu pinuh ku kacinta ka Ema jeung adi-adi, nyaéta émail anu saban minggu dikirim ku Rumana. Tutur carita jeung rasa kadeudeuh, kanyaah dikedalkeun dina surat éléktronik éta. Nampa warta ti lembur teh asa ubar manah nu gorowong nahan kangen ka Ema jeung adi-adi. Inget papatah ti Ema dina éta email; dimana waé Asép ngumbara, sipat-sipat anu hadé anu ti leuleutik ditancepkeun kana manah ku kolot ulah nepi ka leungit. Papatah ti Ema ku kuring dibelesekkeun kana jero dada. Sagala papatah Ema moal matak dilalawora ku kuring mah, sipat asih anu ku Ema jeung almarhum Apa moal kadung leungit nepi ka mana waé gé. Eta mangrupakeun bukti kanyaah kuring kanu jadi kolot.
Ngarérét kana potrét anu dikirimkeun baheula ku Rumana dina BBM, nu ku kuring dijadikeun wallpaper hapé, potrét tilu widadari nu ku kuring dipikacinta. Rét kana raray Ema, pipina karijut, warna socana geus kulabu, balukar ku katarak téa. Ema, wanoja anu ngalahirkeun jeung ngagedékeun kuring, wanoja anu sok dipénta du’ana ku kuring, da kuring percaya, pangdu’a indung, baris leuwih matih ti batan peurah oray. Rét deui kanu potrét dua mojang anu sakitu geulisna, buukna ditutupan ku tiung nu lébar nutupan dada. Kuring percaya sipat-sipatna Insyaalloh saroléha.
Baheula mah kuring sok ngarahuh, asa beurat-beurat teuing tanggung jawab budak lalaki téh. Kudu ngajaga kanu jadi indung jeung ngadidik dua adi awéwé nu luncat rumaja, sok sieun dua adi téh kabawa ku sakaba-kaba, jaba teu katalingakeun da kulantaran jauh téa. Almarhum Apa, saméméh ninggalkeun alam dunya, sok meupeujeuhkeun ka kuring, “Jaga éta dua adi awéwé hidep, ulah sina kababawa ku pergaulan anu teu matut, ulah sina codék, da budak awéwé mah permata, endog beubeureumna anu wajib dijaga”.
            Ayeuna kuring rumasa reueus, yén kuring bisa ngajaga tur ngadidik adi-adi sanajan jauh meuntas laut. Kuring geus ngalaksanakeun amanah Apa, buktina dua adi kuring ayeuna meunang pendidikan anu luhur tur préstasi-préstasina anu matak reueus anu jadi kolot. Laku lampahna hadé, nyaho kana agama, samutut ku élmu tur sopan basana. Unggal solat kuring neneda ka Gusti, sina nangtayungan kulawarga kuring ku Rahmat jeung Cahaya-Na.
            “Tring!” hapé disada deui, BBM ti beubeulahan haté anu satadina rék dileungitkeun dina ingetan.
“Kang, masih dimane? Saye harap Akang tak lupekeun saye.Asa aya nu sosorodotan dina haté. Siti Nurul, mojang nu mimiti ngeusian haté kuring. Kataji ku kapribadianana nu agung, keur geulis téh hadé haté jeung laku lampahna gé teu rucah. Gancang ku kuring dibales maké basa Melayu, ditambahan ku kecap-kecap nu matak ngahibur haté nu peunggas.
Ras inget deui ka pangalaman salila di Kuala Lumpur. Aya ku hésé nyieuhkeun ingetan ka anjeun, Siti. Meureun salilana ogé moal bisa disieuhkeun. Ari kituna, henteu sakeudeung urang hahadéan téh. Tapi najan kitu, ari kuring kudu ngéléhan ku ngaleupaskeun kawarganagaraan, asa kaleuleuwihi teuing. Asa teungteuingeun. Lamun kitu carana mah, kajeun tumpur rasa anu di Kuala Lumpur. 
Dangdaunan dina tangkal caringin, tingarombak kateunggar angin peuting. Beus Damri eureun di Kampung Rambutan, tuluy kuring naék Primajasa jurusan Jakarta-Tasikmalaya. Basa suku katuhu nété Primajasa, sakali deui disieuhkeun katrésna ka beubeulahan haté anu masih kénéh nyarampak dina lelembutan kuring. Dina haté anu pangjerona mah kuring ngaku, moal bisa mopohokeun manéhna. Kabageuran jeung kanyaah Siti Nurul ka kuring moal bisa leungit nepi ka mana waé ogé. Pileuleuyan Siti, pileuleuyan, pileuleuyan….
**
Halimun nyimbutan kota Tasik anu simpé. Bulan nu ngaringkel di awang-awang lalaunan leungit teu katémbong kelemeng-kelemengna acan. Beus Primajasa jurusan Jakarta-Tasikmalaya geus nepi ka pull. Kota nu ditinggalkeun salila sapuluh taun, masih kénéh siga euweuh parobahan, masih resik, asri jeung beresih, saigel jeung slogan kota, Tasik Bersinar. Kuring tuluy naék angkot nu warna bodas oranyeu, da lembur kuring lumayan jauh kénéh.
            Di pangdiukkan angkot, kuring teu sabar hayang geura nepi ka imah, hayang sujud dina sampéan Ema, hayang nangkeup dua adi anu salawasna aya dina impénan. Kawajiban kuring sakola geus réngsé, kuring lulus, sanajan kuliah sapuluh taun gé.
Wanci carangcang tihang, angkot geus tepi ka lembur, tempat baheula kuring dijurukeun ku Ema, digedekeun ku Apa. Bau lembur anu sarua jeung bau anu kaambeu basa kuring miang ngumbara. Sawah anu héjo ngemploh, tatangkalan bararis lir anu ngabagéakeun. Langit cékas beresih, sakapeung katara aya mega udat-udatan di langit, tapi teu kaur lila, kaburu peuray mantén.
Enya ogé kahalangan tangkal cengkéh, sidik aya imah anu baheula panggung kénéh, ayeuna geus jadi imah permanén. Enya, éta imah tempat pangbalikan kuring téh. Di buruan aya anu ngajaranteng, tiluan. Ema mah bari nyusutan socana. Teu karasa kuring milu cimataan. Ema, Annisa, Rumana, Aa mulang….
***

Penulis biasa nyerat cerpen, carpon sinareng dongeng.
















2 komentar

Write komentar
Gunawan
AUTHOR
22 February 2023 at 19:23 delete

sae pisan, manawi aya carios dongengna Teh Asih? urang pidangkeun di Channel Youtube Kisunda

Reply
avatar