Thursday, 23 November 2017

[CARITA PONDOK] BÉNTANG HAREPAN

Ku : Asih Purwanti

Béntang peuting keur meumeujeuhna tingkaretip, sora gaang, cihcir, jangkrik patingtémbalan siga nu keur ngawih. Kadéngé sora mobil ka buruan imah, kuring noong tina jandéla, biwir nyéréngéh seuri. Anu didadago geus mulang.
            Kuring mukakeun panto hareup, bray muka, katempo beubeulahan haté nu teu weléh imut ngajanteng dihareupeun.
            “Mani wengi pisan uih téh geuning? Aya naon heula?” Tanya kuring sabari mawa kantong jeung sapatuna.
            “Rapat heula, perkawis nangtoskeun modél kanggo iklan cai kopi téa.” Walerna semu alum.
            “Atos ditangtoskeun ayeuna mah nu janten modélna saha?” Tanya kuring deui, sabari ngasongkeun cai entéh haneut ka anjeunna.
            “Atos, nu jantenna mah Song Jong Ki, aktor ti Koréa nu kakoncara.” Cék anjeunna sabari ngalekik cai entéh.
            “Si Dédé tos bobo?” Tanya anjeunna sabari mukakeun panto kamar budak. Kuring saukur unggeuk. Budak umur lima taun nu keur ngaguher saré téh dicium pipina. Leungeun budak kukuliatan tapi panon mah tetep peureum. Baku lamun geus kieu téh, kuring sok nyusutan cimata. Mangkarunyakeun, papanggih jeung budak téh jarang. Anjeunna indit digawé, budak saré kénéh, anjeunna balik digawé, budak geus saré. Komo saminggu ayeuna mah sisibukna cenah, mindeng rapat itu ieu, balik téh sok peuting-peuting waé ampir-ampir ngagiser ka subuh.
            Basa anyar rarabi mah kuring téh sarua digawé, sapagawéan malah jeung anjeunna. Pas geus aya si Dédé mah kuring nu eureun digawé, cék anjeunna améh si Dédé bisa dikawulaan ku kolotna. Katambah deui kuring mah kapan ngan saukur pagawé leutik, ari anjeunna mah harita téh geus jadi asistén diréktur. Enya, kabutuhan sapopoé jeung kabutuhan séjénna gé geus ieuh katutupan tina gajih anjeunna hungkul.
            “Cai haneut kanggo ibak atos siap, bilih badé berendem dina bath tub.” Cék kuring ka anjeunna anu keur gégéléhéan dina kasur mamaké kénéh seragam gawé.
            “Muhun badé, jigana mah bobo téh bakal tibra geura, kulantaran dinten ayeuna mani capé pisan di kantor.” Pok anjeunnana semu ngangluh sabari hudang tuluy mawa anduk nu nyampai dina taktak kuring. Anjeunna leumpang ka caikeun sabari hahariringan.
            Asa mindeng kaciri ayeuna mah anjeunna sok ngangluh téh. Sakapeung sok asa éra sorangan, anjeunna toh-tohan digawé néang kipayah ari kuring ngan saukur ngurus budak jeung imah. Sabenerna mah hayang kuring ogé digawé deui kawas tiheula, tapi mikir deui, budak kusaha diurus? Sanajan kuring jeung anjeunna geus mufakat kudu aya salah sahiji nu ngurus budak. Enya atuh kuring nu ngéléhan. Harita téh karir anjeunna keur nérélék naék siga tarajé, nepi ka dipromosikeun naék jabatan.
Meureun dina sagala rupa gé kudu aya nu dikorbankeun, contonanya anjeunna euweuh waktu jeung budak. Waktu jeung kuring gé sarua dikorteng, pinanggih jeung anjeunna téh ngan isuk-isuk jeung peuting hungkul. Teu siga basa anyar-anyar rarabi kawas baheula. Tapi dipikir-pikir deui lamun teu kieu kabutuhan sapopoé timana? Enya atuh anjeunna digawé nepi ka toh-tohan teu inget waktu ogé da sarua ieuh jeung hasilna, lain saukur kabutuhan sapopoé hungkul nu kacumponan, tapi nepi ka kabeuli mobil jeung boga imah gedong sagala.
Budak ogé ayeuna mah kacukupan gizina, jeung moal hariwang jang waragad sakolana engké da geus kajamin. Teu cara siga baheula basa anyar rarabi, sagala teu boga. Enya, kabéh ogé kudu aya nu dikorbankeun nanaon téh. Asal ulah ka budak wé. Paralun teuing siga budakna Asep jeung Asti tatangga kuring nu budak hiji-hijina teu arapét ka kolotna kulantaran ti oorok diwawuhkeunna ka baby sitter da maranéhna duanana pada-pada digarawé. Budakna nu jadi korban, jadi nepi ka gedé, budakna téh apétna ka baby sitter wé.
            Sora anjeunna ngahariring lagu Armada anu judulna ‘pergi pagi pulang pagi’ di kamar mandi, laguna matak nyeuit kana ati. Deudeuh teuing jungjungan, kaharti kuring ogé anjeun teh capé, tapi kudu kumaha deui? Sok inget lamun aya masalah di kantor meupeus keuyangna téh ka imah, lamun capé téh sok jubras jebris, kuring nu ngabatin da teu apal kudu kumaha. Teu lila anjeunna kaluar ti kamar mandi, katempo paromanna semu baeud.
            “Tuang heula atuh, améh teu lebet angin!” Tawar kuring, anjeunna teu ngajawab, sibuk moleskeun krim kana rarayna. Da jaman kiwari mah boh lalaki boh awéwé papada maraké krim, ceunah mah améh katempo seger jeung awét ngora.
            “Kumaha? Badé tuang atanapi moal? Pami badé mah, engké dihaneutkeun deui réncangna.” Cék kuring deui.
            “Enya bade atuh, da lapar!” Cék anjeunna, kuring ngaléos ka dapur. ‘Adatna mimiti kaluar’, gerentes kuring. Sanggeus kaluar ti kamar, anjeunna dahar sabari teu weléh ngomé hapé. Hayang nyarék ulah ngomé hapé waé, tapi sieun anjeunna bendu. Tungtungna mah kuring nungguan nepi ka anjeunna beres dahar, mesing sabenerna panon mah geus teu kuat hayang peureum.
            “Énjing pagéto, badé angkat ka Koréa, badé syuting iklan cai kopi téa diditu.” Cék anjeunna sabari panon mah angger melongna kana hapé.
            “Sabaraha lami?” Tanya kuring hayang apal.
            “Saminggu,” walerna deui.
            “Geuning mani lami?” Tanya kuring deui, anjeunna melong ka kuring jiga nu teu resep.
            “Enya lami atuh, jaba kedah uras-urus sagala rupa diditu téh, sakantenan wé hoyong réfréshing tina rutinitas padamelan, cék paribasa mah sambil menyelam minum air.” Cék anjeunna sabari ngahuap. Kuring ogé hayang atuh réfréshing tina ngurus imah jeung budak. Katempo di luar mah jiga nu pangeunahna wé ngurus rumah tangga téh, cicing di imah ngurus budak jeung sajabana, padahal mah pagawéan pangbeurat-beuratna éta téh, sagala dicekel. Ti isuk jedur nepi ka peuting pagawéan téh taya reureuhna. Lamun dititah milih mah, mending ngantor deui kawas baheula.
            “Kahadé ah, ulah kabéngbat ku urang Koréa!” Heureuy kuring, anjeunna kalah bendu, indit ka kamar ninggalkeun kuring jeung piring urut dahar anjeunna. Emh, ayeuna mah anjeunna téh gampang kasigeung, teu kawas baheula mindeng ocon jeung loba méré perhatian. Meureun panampilan kuring ayeuna mah henteu seger kawas baheula. Sok sieun anjeunna kabéngbat deui kunu leuwih-leuwih ti kuring, jaba anjeunna mah ayeuna téh asa katempo seger waé, da mindeng ka salon téa, make sagala rupa alat-alat kecantikan améh katempo awét ngora jeung sajabana. Sok sieun anjeunna poho kana raratan, cul ka kuring jeung budak. Tapi nyaéta ngan saukur kasieunan hungkul, kuring mah yakin anjeunna moal nepi ka siga kitu. Anjeunna teh micinta kuring pisan ti baheula gé, nepi ka bébélaan paséa jeung kolotna, alatan hayang kawin jeung kuring. Sabenerna mah anjeunna bisa waé meunangkeun nu leuwih, da anjeunna mah jalma jegud jaba sakolana ogé luhur. Ari kuring? ngan saukur lulusan SMA, jaba lain turunan jalma jegud, ngan ngamodal beungeut wé nu cenah mah jiga béntang pilem. Tapi ngaran-ngaran cinta mah moal inget kana raratan, buktina anjeunna ayeuna rarabi jeung kuring.
*
            Matapoé geus mimiti nyampak, poé ayeuna mah anjeunna indit rada beurang, kulantaran rék ka Koréa téa, jadi kaburu nganteurkeun budak sakola TK heula. Anjeunna diuk dina korsi hoé di tepas imah nungguan Fébi sekretarisna ngajemput, sabari maca majalah manglé. Kuring ogé gék diuk di gigireunana, da pagawéan saperti sasapu, ngepél jeung nyeuseuh geus barérés.
            Teu lila katempo BMW bodas asup ka buruan imah, jigana mah Fébi. Mojang geulis tur jangkung umur dua puluhan kaluar tina mobil, nyampeurkeun ka tepas imah. Sapopoé, anjeunna teu weleh ditutur-tutur ku Fébi, sakapeung mah Fébi nu ngajemput anjeunna lamun anjeunna keur horéam mawa mobil sorangan.
            “Bu, hayu ayeuna mangkat, jadwal pesawat tabuh satengah salapan, hawartos bilih kapegat macét.” Cék Fébi ka anjeunna. Fébi ngarérét ka kuring, “Wilujeng énjing Bapa.” Kuring ngabales sabari teu weléh seuri. Anjeunna nangtung.
            “Pah, Mamah, mangkat heula. Kahadé ulah hilap si Dédé dijemput!” Cék anjeunna sabari sun tangan ka kuring. Kuring saukur unggeuk.
            “Kahadé di jalan Mah!” Pok kuring, Anjeunna jeung sekretarisna arasup ka jero BMW, tuluy ngabelesat moro jalan raya. Kuring neuteup anjeunna bangun alum, haté ngarasa kosong molongpong. Matapoé keur meumeujeuhna manceran, kuring inget baju-baju nu karék diseuseuh acan di poéan. Gancang kuring asup ka jero imah sabari mamawa majalah manglé nu bieu dibaca ku anjeunna, pamajikan kuring.
***


Tasikmalaya, 13 Oktober 2017

Penulis biasa nyerat carpon, sabagean karyana midang di majalah Manglé. Calik di Kota Tasikmalaya.

1 komentar:

Write komentar
Ulun
AUTHOR
27 January 2019 at 06:45 delete

he...he..dunia terbalik...

Reply
avatar